Tro-Zone Deuk Herey saetik,, hhe :p
Tukang Dagang : Yo kadarie sadayana yo, mumpung nuju promosi aya kurupuk kulit Gratis. . . gratis. . . gratis, kurupuk kulit Gratis yeuuh !
Nu Ngaliwat : Iyeu teh gratis mang?
Tukang Dagang : Muhun mangga gratis, sok we nyandak cing seer
Nu Ngaliwat : Sakedap atuh mang, kuring dek mawa babaturan hela
Tukang Dagang : Sok atuh bawa babaturanna cing loba, kurupuk na ge masih loba da
Nu Ngaliwat : Tungguan nya mang (Bari Ngaleos)
Tukang Dagang : Jig tong lila, bisi kabeakeun
Nu Ngaliwat : (Datang dei bari mawa babaturanna)
Tukang Dagang : Euleuh gening lobaan? tapi ken bae lah, loba keneh da
Nu Ngaliwat jeng Babaturanna : Muni ngeunah euy kurupukna, tina kulit naon iyeu teh mang? sareng naha bet Gratis mang? (Bari Segut Ngadahar Kurupuk)
Tukang Dagang : oh gratis teh amang bade Syukuran kamari putra amang ngiringan sunatan masal gratis, sareng pan kamari teh seer kulit nu kapicen, nya ku amang jantenken kurupuk sadayana. . hhe
Nu Ngaliwat jeng Babaturanna : UUUUOOOO!!! euuuh si amang mah lain ngomong tatadi (Bari Arutah Kabeh)
Punten nya lamun Garing. . .hhe
O.C http://tro-zone.blogspot.com
Post a Comment